Kolotna geus ber kaditu ber kadieu, baraya nu anggang ditèang, dulur nu singkur dijugjug sugan aya lunta lanto geus tatanya ka ahlina ngalèr ngidul boh ka tukang matangankeun, ka ajengan ahli hikmat, budak welèh teu kapanggih najan kabèh tarèkah geus diketrukeun. Bapana pasrah kana kadar da kurang kumaha ikhtiar mah, tapi teu kitu anu jadi indung mah, awakna geus begang igana norelak lir gambang kuru akin ngajangjawing balas mikiran anak, mun maot dimana bugangna ngarah puguh mulasara, mun hirup dimana dumukna ngarah puguh nyusulna, indungna gawèna tirakat jeung midangdam. Pon kitu keur nu kanjrekanana Ajengan Kèrèsèk ku leungitna èta budak ti pasantrèn asa katempuhan sasat kolotna mah geus masrahakeun sagala rupana, ceuk babasan ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal bagja cilaka kumaha kersa Ajengan ayeuna nyata pisan èta budak leungit keur dina cangkinanana malah Alèp mah tara dipondok hèèsna ogè cara lumrahna santri, tapi diperenahkeun dipawon deukeut dapur dipangnyieunkeun salon tina awi.
Lantaran kapakè kana ngahodaman Ajengan, dibaturan ku batur salemburna Si Mamat bèjana mah kapialona. Kang Ajengan, kitu ngabasakeunana barudak santri ka guru ngajina. Nyai atawa Nyi Ajengan geus bèak dèngkak milu ihtiar nèangan budak leungit ka suklakna ka siklukna. Santri disebar sina nyusud raratan. Bèja gancang tepina lantara alumni Pasantrèn Kèrèsèk sumebar aya di satatar Priangan malah nu luar jawa ogè aya, saperti di Lampung jaba ti ngajurung jelema, ku RRI Bandung teu kaliwat sababaraha kali disiarkeun. Barudak santri nu araya di pondok teu cicingeun ku pokal lurahna dibagi tugas aya kabagian solat hajat, aya nu kabagian ngaji Yasin diberjamaahkeun meunang opat puluh balikan, tapi nu leungit lebeng teu aya bèjana geus aya bulanna, Harita basa leungit tèh bulan Puasa ayeuna geus nincak bulan Rayagung malah ampir kapohohohokeun katungkul ku kasibukan sèwang-sewangan. Manusa darma rucita Allah nu nangtukeun sagala-galana. Hiji mangsa kira wanci pecat sawèd, poè haleungheum ku pihujaneun hawa karasa bayeungyang, teu kungsi lila breg hujan turun siga nu cicicikeun, nu boga popoèan gancang jajait. Ajengan nu keur aya di patengahan ngagentraan hodamna, Mamat. “Mamat! Mamat! Ka dieu, euy!” nu digeroan tuturubun turun tina salon nyampeurkeun bari rengkuh, “Aya naon, Kang?” Ajengan nunjuk ka para bari tanggah, “Kentèng bocor meureun, euy! Ieu geuningan hujan milu ngiuhan ka tengah imah,” Ajengan tèa resep ngabojèg, keur ngaji ogè tara ngarasa tunduh atawa bosen da sok diselang ku dongèng nu pikalucueun. Mamat ngarti, teu talangkè gancang saged rèk naèk para menerkeun kentèng nu bocor. Sarung dibeubeurkeun kana calana “nasaup” mun ceuk urang lembur mah calana “sontog” ka handap sieun ku cacing kaluhur sieun ku gelap. Kalcat nècè kana palang dada, gurawil ngarawel pamikul sup kana tiang para nu aya luhureun pawon. Naha atuh kira sapanyeupanan, gebut sada nangka murag ninggal palupuh, imah munggah ngarieg siga kaoyagkeun lini. Kang Ajengan muru tibuburanjat, muru sora nu ngagubrag ti pawon geus moal teu Si Mamat tibeubeut ti para. Nyi Ajengan garo singsat bari rawah riwih ma’lum awèwè. Kasampak di pawon Mamat keur calangap teu usik teu malik, lètahna ngèlèl, panon bolotot siga domba kacekèk. Kang Ajengan ngajanteng hareugeueun. Rumpang-reumpeung teu puguh cagap. Kop kana cungkir keleweng dibalangkeun keuna ka Nyi Ajengan meneran kana imbitna, ngagoak da puguh cungkir beusi, naha atuh bet kop kana cungkir. Maksud mah ngarongkong nyokot gayung rek nyiuk cai tina gentong keur ngabanjur anu kapihuhan. (HANCA)
(Sumber: Jin Islam Keresek)