Jin Islam Keresek Leungit Diiwat Dedemit. Leungitna santri nu
ngaran Alèp jadi sabiwir hiji. Alatan
leungit demit teu puguh laratanana. Keur kolot-kolot nu boga anak lalaki
pantaranana pada ngarasa risi kaleungitan anak.
Lantaran ceuk beja pabeja-beja nyebar jadi carita balaraèa, Majar Alèp
dijieun wadal ku jin Islam nu kungsi ngaheureuyan aya taunna di Pasantrèn Kèrèsèk
bongan salakina Nyi Siti Kolbuniyah dipaèhan waktu mindah rupa jadi oray.
Kolotna geus ber kaditu ber kadieu, baraya nu anggang ditèang, dulur nu singkur dijugjug sugan aya lunta lanto geus tatanya ka ahlina ngalèr ngidul boh ka tukang matangankeun, ka ajengan ahli hikmat, budak welèh teu kapanggih najan kabèh tarèkah geus diketrukeun. Bapana pasrah kana kadar da kurang kumaha ikhtiar mah, tapi teu kitu anu jadi indung mah, awakna geus begang igana norelak lir gambang kuru akin ngajangjawing balas mikiran anak, mun maot dimana bugangna ngarah puguh mulasara, mun hirup dimana dumukna ngarah puguh nyusulna, indungna gawèna tirakat jeung midangdam. Pon kitu keur nu kanjrekanana Ajengan Kèrèsèk ku leungitna èta budak ti pasantrèn asa katempuhan sasat kolotna mah geus masrahakeun sagala rupana, ceuk babasan ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal bagja cilaka kumaha kersa Ajengan ayeuna nyata pisan èta budak leungit keur dina cangkinanana malah Alèp mah tara dipondok hèèsna ogè cara lumrahna santri, tapi diperenahkeun dipawon deukeut dapur dipangnyieunkeun salon tina awi.



